1 Timoteus 5
Ka nu geus karolot ulah keras-keras, ngomongan kudu cara ka bapa sorangan. Ka barudak ngora kudu kawas ka dulur sorangan.
Ka awewe nu karolot sing kawas ka indung, ka mojang sing kawas ka lanceuk atawa adi kalawan pikir beresih.
Ka randa-randa anu enyaan randana sing hormat.
Tapi lamun randana boga anak atawa incu, anakna atawa incuna heula papatahan sina ngurus ka eta indungna atawa ninina, males budina, luyu jeung parentah agama. Lampah kitu sapuk jeung kersa Allah.
Randa anu geus nunggelis nepi ka taya anu baris ngurus, tinggal ngaharep ka Allah, sina neneda ka Mantenna beurang peuting, nyambat pitulung-Na.
Tapi randa anu resep senang-senang, eta mah hirup keneh ge sasat geus paeh.
Geuing, wurukan, supaya hirupna ulah aya celana.
Sing saha anu tambelar ka baraya, pangpangna ka anggota rumah tanggana sorangan, eta teh ingkar tina iman, leuwih jahat ti batan anu teu boga iman.
Randa anu umurna can genep puluh taun ulah waka diasupkeun kana daptar. Jeung deui: bogana salaki ngan sakali,
kalakuanana kaceluk mulus, bener rumawatna ka anak, akuan ka semah, daek asor ngalakonan kawajiban keur sasama saiman, daek nalang ka nu susah, jeung gumati kana gawe nu harade.
Randa nu ngarora keneh tong diasupkeun kana daptar, bisi ari teu tahaneun hayangeun kawin deui tuluy nirca ti Kristus,
ngalanggar ikrarna ka Anjeunna yen moal kawin deui.
Jeung ongkoh sok dialajar natangga ka saban imah. Malah aya nu leuwih goreng ti kitu, dialajar ngupat, campur kana urusan batur, jeung ngobrolkeun anu teu parantes.
Nu matak randa-randa ngora mah mending karawin deui bae sina baroga anak, sina ngurus rumah tangga, sangkan lawan urang teu manggih bahan omongkeuneun pikeun ngagogoreng.
Da aya randa-randa anu nirca tuluy milu ka setan.
Jeung lamun di hiji kulawarga aya randana, eta kulawarga wajib ngabayuan anggotana anu geus jadi randa, ulah neumbleuhkeun ka jamaah, keun jamaah mah sina laluasa ngabayuan randa-randa anu geus teu baroga baraya.
Para kokolot jamaah anu alus ngokolotanana sakumaha mistina nu jadi pamingpin, kudu meunang bayaran dua tikel, komo anu getol hutbah jeung rajin ngawuruk mah.
Sabab ceuk Kitab Suci ge, "Sapi nu keur dipake ngirik gandum ulah diborongsongan sungutna." Jeung, "Nu digawe wajib meunang bayaran."
Hidep ulah guguan ka nu ngadukeun kokolot, kajaba lamun pangaduanana aya saksina duaan atawa leuwih.
Lamun tetela aya dosana, tegor di hareupeun umum, supaya anu sejen sarieuneun.
Di payuneun Allah, di payuneun Kristus Yesus, di payuneun para malaikat suci, bapa merih meredih ka hidep: Jalankeun ieu katangtuan-katangtuan teh. Dina ngalaksanakeun aturan naon bae hidep ulah aya purbasangka atawa pilih kasih.
Jaba ti kitu hidep ulah gampang numpangkeun leungeun ngangkat jalma dikawulakeun ka Gusti. Ulah kalibet ku kajahatan batur, jaga diri sangkan tetep murni.
Ku lantaran hidep geringan, nginum ulah cai wungkul, perlukeun saeutik mah nginum anggur keur ngabantu padaharan.
Mungguh kasalahan, aya anu ujug-ujug katohyan, memeh dipariksa geus kaboker manten. Aya oge anu kabukana ka lilanakeun.
Lampah hade kitu keneh, aya anu gancang katara, aya anu lila deui, tapi kabeh ge mo burung kabuka.